WALI KOTA SUKABUMI JADI NARA SUMBER DINA SEMINAR NASIONAL PANANGANAN COVID-19

Sukabumi198 Dilihat
IDCloudHost | SSD Cloud Hosting Indonesia

Sukabumi, faktadanrealita.com-
Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, jadi nara sumber dina seminar nasional pananganan Covid-19, anu dilaksanakeun ku Asosiasi Dines Kaséhatan sa Indonésia, sawatara poé ka tukang, ngaliwatan vidéo conferénce. Dina éta seminar téh, Wali Kota Sukabumi nepikeun matéri ngeunaan strategi, palaksanaan jeung tangtangan dina ngalaksanakeun pananggulangan pandemi Covid-19.

Ěta seminar anu ngangkat téma Peran Désa jeung Kota dina nyanghareupan Covid-19 téh, dihadiran ku Sekjén (Sekertaris Jéndral) Kemendés PDTT (Kementrian Désa, Pembangunan Daérah Tertinggal jeung Transmigrasi), Anwar Sanusi, katut Gubernur Jawa Tengah, Ganjar Pranowo, sarta para nara sumber lianna.

Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, luyu jeung instruksi Persidén, pananganan Covid-19 téh dibagi tilu widang, nya éta widang kaséhatan, sosial kamasarakatan jeung ékonomi. Dina awal matérina, Wali Kota Sukabumi nepikeun kamekaran kasus Covid-19, nya éta anu dimimitian ti ODP (Orang Dalam Pengawasan), PDP (Pasién Dalam Pengawasan) jeung konfirmasi positif.

Sedengkeun upaya pikeun nyegah jeung megatkeun mata ranté panyebaran Covid-19, di Kota Sukabumi dibentuk Gugus Tugas Percepatan Penanganan Covid-19 Kota Sukabumi, sarta ngabentuk RW Kréatif Siaga Covid-19 jeung ngaronjatkeun PHBS (Prilaku Hirup Bersih jeung Séhat). Salian ti éta ogé palayanan call center 24 jam jeung patugas 24 jam siap jemput bola dina ngungkulan Covid-19.

Sedengkeun upaya lianna, nya éta tracing atawa ngalacak sacara ketat dina ngalaksanakeun pametaan Covid-19, sarta tim kaséhatan dikarantina di panginepan, supaya bisa istirahat jeung meunang katenangan sarta bisa konséntrasi. Salajuna panyemprotan disinféktan gawé bareng jeung rupa-rupa élemén masarakat, sarta pasiapan PSBB (Pembatasan Sosial Berskala Besar), katut diajar jeung digawé di imah.

Inline Related Posts  SEJUMLAH 249 KARTU KELUARGA SEJAHTERA DI BAGIKAN DI KELURAHAN KARANG TENGAH

Disagigireun ti éta, Pamaréntah Kota Sukabumi nugaskeun pajabat ésélon 2 atawa kapala dinés nanggungjawab di kalurahan, sarta program kulawarga asuh, nya éta hiji kulawarga bisa ngabantu dua KK (Kapala Kulawarga) anu teu mampuh di sabudeureunnana, atawa gerakan paduli tatangga.

Sumber : sukabumikota.go.id
Editor : Red_FR