SAKUMNA MASARAKAT SANGKAN NGAHIJI JEUNG BABARENGAN NGALAWAN PANDEMI CORONA

Sukabumi273 Dilihat
IDCloudHost | SSD Cloud Hosting Indonesia

Sukabumi, faktadanrealita.com-
Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, dibarengan ku Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri S. Hamami, S.H., M.H., katut Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Drs. H. Dida Sembada, M.M., ngajak ka sakumna masarakat sangkan ngahiji jeung babarengan ngalawan pandemi Corona atawa Covid-19. Ěta ajakan téh ditepikeun basa narima Rélawan Sukabumi Lawan Corona, di Rohangan Utama Balé Kota Sukabumi, sawatara poé ka tukang.

Salian ti éta, Wali Kota kalayan asmana Pamaréntah Kota Sukabumi, ngahaturkeun nuhun katut pangajén anu saluhur-luhurna kana renungna rélawan dina ngabantu nyegah panyebaran Covid-19, saperti Rélawan Sukabumi Lawan Corona. Lantaran masarakat sadar jeung paham, yén pandemi Corona téh lain di Kota, Kabupatén, Provinsi jeung Nagara Indonésia wungkul, tapi ogé di nagara-nagara séjénna.

Saterusna ngajelaskeun, masalah Covid-19 téh teu bisa diungkulan ku pamaréntah wungkul, tapi ngabutuhkeun bantuan katut gawé bareng jeung sakumna pihak. Ku sabab kitu, pamaréntah terus ngerahkeun kamampuh ti sakumna poténsi anu dipibanda, dina nyanghareupan panyebaran Covid-19, kaasup rélawan anu ngabogan kaahlian dina widangna. Disagédéngeun ti éta ogé ngajelaskeun, ayana rélawan téh kacida pentingna dina ngumpulkeun bantuan kamanusaan, pikeun nyadiakeun APD (Alat Palindung Diri) Tanaga Médis, sarta Rélawan Sukabumi Lawan Corona geus nyalurkeun bantuan ka rumah sakit jeung tempat lianna.

Salajuna ngajelaskeun, Pamaréntah Kota Sukabumi ogé geus ngabentuk Gugus Tugas Panghangkeutan Ngungkulan Covid-19 jeung RW Kréatif Siaga Covid-19, anu jadi ujung tumbak panyegahan Corona. Ka hareup, boh pamaréntah boh rélawan jeung sakumna élemén masarakat, kudu bagerak bareng dina ngungkulan Covid-19, lain ukur dina kaséhatan wungkul tapi ogé pangaruh lianna, nya éta sosial kamasarakatan jeung ékonomi.

Inline Related Posts  KOMUNITAS HMC SUKABUMI MENYERAHKAN BANTUAN KEPADA PEMERINTAH KOTA SUKABUMI

Lian ti éta ogé ngajelaskeun, pikeun ngalaksanakeun éta hal téh kudu dibarengan ku 3 widang, nya éta promotif, prévéntif, sarta informasi jeung édukasi. Ku lantaran kitu, dina ngalaksanakeunnana ngabutuhkeun gawé bareng jeung sakumna pihak, pikeun ngajaga Kota Sukabumi dina sagala rupa hal.sejalan dengan arahan dari Presiden dan Gubernur Jawa Barat.

Sumber : sukabumikota.go.id
Editor : Red_FR