PSBB DI PROVINSI JAWA BARAT NGARUPAKEUN KABUTUHAN

Sukabumi300 Dilihat
IDCloudHost | SSD Cloud Hosting Indonesia


Sukabumi, faktadanrealita.com-
Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil nandeskeun, PSBB (Pembatasan Sosial Berskala Besar), di Provinsi Jawa Barat ngarupakeun kabutuhan. Ěta panandesan Gubernur Jawa Barat téh, ditepikeun dina vidéo conferénce jeung para Bupati katut Wali Kota anu daérah-daérahna acan nerapkeun PSBB, cindekna tanggal 28 April 2020. Ku sabab kitu, Gubernur Jawa Barat ngaharepkeun, sangkan ti mimiti tanggal 6 Méi 2020, PSBB bisa diterapkan sacara bareng di daérah-daérah anu can nerapkeun PSBB, saperti Kota jeung Kabupatén Sukabumi, Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Karawang.

Gubernur Jawa Barat ngarilis hiji surat ti Gugus Tugas Pananganan Covid-19 Jawa Barat, anu digunakeun sabagé rujukan pangajuan PSBB ku Pamaréntah Kota jeung Kabupatén ka Kamentrian Kaséhatan. Gubernur Jawa Barat ogé ngaharepkeun, dina tanggal 2 Méi 2020, ijin PSBB geus bisa dikaluarkeun ku Kamentrian Kaséhatan, supaya waktuna cukup pikeun ngalaksanakeun sosialisasi ka masarakat.

Sedengkeun Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, nandeskeun satuju kana palaksanaan PSBB bareng, anu baris dilaksanakeun ku pihak Pamaréntah Provinsi Jawa Barat. Salajuna Wali Kota Sukabumi ngaharepkeun, pihak Pamaréntah Provinsi Jawa Barat sangkan ngaluarkeun pituduh kana palaksanaan jeung téknis PSBB supaya saragem.

Salian ti éta, Wali Kota ogé ngajelaskeun, yén pihak Polres Sukabumi Kota, dina danget ieu keur ngalaksanakeun Oprasi Ketupat Lodaya Taun 2020, anu dimekarkeun ku ngalaksanakeun panyekatan jeung pangwatesan jadi pra PSBB.

Hadir dina kasempetan éta, Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri S. Hamami, S.H., M.H., Dandim 0607 Kota Sukabumi, Létkol Inf. Danang Prasetyo Wibowo, Wakapolres Sukabumi Kota, Kompol Sulaéman, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Drs. H. Dida Sembada, M.M., Asistén Paékonomian jeung Pangwangunan Setda Kota Sukabumi, Ir. H. Cécép Mansur, M.M., sarta PLT (Palaksana Tugas) Kapala Dines Kaséhatan Kota Sukabumi, dr. Hajah Rita Fitrianingsih, M.Kes.

Inline Related Posts  Pemerintah Kota Sukabumi Luncurkan Jaring Pengaman Sosial

Sumber : sukabumikota.go.id
Editor : Red_FR