ASUP KA WEWENGKON KOTA SUKABUMI TI MIMITI TANGGAL 1 MÉI 2020 WAJIB MAKÉ MASKER

Sukabumi265 Dilihat
IDCloudHost | SSD Cloud Hosting Indonesia

Sukabumi, faktadanrealita.com-
Unsur Forkopimda (Forum Komunikasi Pimpinan Daérah) Kota Sukabumi, anu ngawengku ti Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, Dandim 0607 Kota Sukabumi, Létkol Inf. Danang Prasetyo Wibowo, katut Kapolres Sukabumi Kota, AKBP Wisnu Prabowo, sarta Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Drs. H. Dida Sembada, M.M., ngalaksanakeun silaturahmi sakaligus sosialisasi wajib maké masker ka perwakilan padagang pasar tradisional, Jalan Ahmad Yani, Jalan Kaptén Harun Kabir, Jalan Stasiun jeung Pasar Pelita, di Operation Room Setda Kota Sukabumi, anyar-anyar ieu.

Salian ti éta, Unsur Forkopimda Kota Sukabumi, salila 3 poé sacara terus-terusan, cindekna ti tanggal 28 nepi ka tanggal 30 April 2020, cumeluk sakaligus ngalaksanakeun sosialisasi jeung édukasi panggunaan masker ka para padagang jeung masarakat, sarta anu teu ngagunakeun masker dibéré masker sacara haratis.

Wali Kota Sukabumi nandeskeun, dilaksanakeunnana silaturahmi jeung sosialisasi wajib maké masker téh, lantaran ti mimiti tanggal 1 Méi 2020, diterapkeun aturan ketat, nya éta para padagang jeung masarakat nu asup ka wewengkon Kota Sukabumi wajib maké masker.

Ku sabab kitu, pikeun para padagang jeung masarakat anu teu maké masker teu meunang asup ka wewengkon Kota Sukabumi, sarta kudu balik deui ka imahna masing-masing. Sabab Pamaréntah Kota Sukabumi, geus ngabagikeun 6 rébu masker haratis di pasar jeung di sabudeureunnana, ka para padagang jeung masarakat.

Disagigireun ti éta, para patugas ogé baris mariksa kondisi kaséhatan para padagang, saperti ngecék suhu badan, sarta baris dilaksanakeun rapid tés jeung panambahan wastapel portable. Salajuna baris dipasang spanduk jeung banner sarta pamplét, ngeunaan wajib ngagunakeun masker. Lantaran nepi ka tanggal 28 April 2020, di Kota Sukabumi geus aya 30 urang anu positif Covid-19. Tina éta jumlah téh. 7 urang geus cageur, jeung sésana sajumlah 23 urang masih dirawat. Saterusna dijelaskeun, éta jumlah anu positif Covid-19 téh, kacida pisan gedéna pikeun ukuran Kota Sukabumi mah.

Inline Related Posts  PSBB DI PROVINSI JAWA BARAT NGARUPAKEUN KABUTUHAN

Sumber : sukabumikota.go.id
Editor : Red_FR